Rabu, 29 September 2010


I. Kawih
Nalika ngareungeu pangajaran ngeunaan kawih, tangtu ahirna kudu apal jeung bisa ngabedakeun antara kawih jeung kasenian sunda sejenna. Saperti kakawihan, tembang, pupuh, jeung pupujian. Dijentrekeun ieu di handap.
- Kawih -
Dina Kamus Umum Basa Sunda (KUBS, 1995) wangenan kawih nya éta rakitan basa sabangsa dangding nu teu make patokan pupuh. Kawih téh lalaguan Sunda bébas, anu henteu kauger atawa kaiket ku aturan, boh laguna, boh rumpakana. Lalaguan pop Sunda karangan Nano S., Doel Sumbang, atawa nu sok dihaleuangkeun ku seniman calung Héndarso, éta téh lagu kawih.
Kawih jeung kakawihan ngabogaan sasaruaan nya éta sarua rakitan sabangsa dangding anu henteu ngagunakeun patokan pupuh, sedengkeun bédana nya éta tina fungsina, mun kawih mah saukur didangdingkeun atawa dilagukeun sedengkeun kakawihan mah ngabogaan fungsi tambahan nya éta dipaké dina kaulinan barudak.
Di handap ieu, mangrupa salah sahiji conto kawih


Hanya Ingin Kau Tahu (Sunda)
Ku: Cindy Nursiva

Duh karasana nu endah kapeurih ati
Hancurna ieu harepan nu pegat tina cintana
Teu nyanding abadi najan anjeun nu geus ngarti
Najan anjeun nu geus surti
Pamikir anjeun abdi teu ngarti

Reff: Ooh, naha anjeun teu ku harianeun
Beuratna kacinta sawangan implengan jeung salira
Keur milampah sesa mangsa nu ayeuna
Dina waktu ieu dina ahirna pas panungtungan
oo.. oo.. oo..
sok sanajan kitu ngan ukur tina impian
ngan ukur tina implengan ngan ukur hiji catetan
teu nyanding abadi najan anjeun nu geus ngarti
najan anjeun nu geus surti pamikir anjeun abdi teu ngarti
** reff

- Pupuh –
Pupuh nya eta rakitan puisi (wangun ugeran) tradisional, anu ka uger ku rupa-rupa patokan boh wangunan boh eusina. Pupuh nya eta puisi anu kauger ku guru lagu, guru wilangan jeung jumlah padalisan dina sapada.
Anu dimaksud guru lagu nya eta sora (vokal) dina engang panungtung unggal padalisan. Sedengkeun guru wilangan nya eta jumlah (reana) engang dina unggal padalisan.
Dina sastra Sunda pupuh teh aya tujuh belas nya eta : Kinanti, Asmarandana, Sinom, Dandanggula, Balakbak, Maskumambang, Ladrang, Pucung, Lambang, Mijil, Durma, Pangkur, Gambuh, Gurisa, Wirangrong, Magatru, jeung Jurudemung. Nu tujuhbelas ka bagi kana dua kelompok nya eta:
1. Sekar ageung (KSAD) nya eta Kiananti, Sinom, Asmarandana, Dangdangula, di sebut sekar ageung lantaran pang seringna di pake dina guguritan.
2. Sekar alit nya eta sesa tina sekar ageung, disebut sekar alit lantaran pupuh ieu langka dipake dina guguritan atawa puisi heubeul liana.
a. Asmarandana
Numutkeun M. A. Salmun (1963) :47) kecap asmarandana teh asalna tina basa Sansekerta “Smara” jeung “dahana” ; smara ( asmara) hartina birahi atawa duriat, dahan hartina seuneu. jadi hartina nya eta seunue birahi. Watek pupuh Asmarandana umumna digunakeun pikeun ngagambarkeun birahi, silih asih atawa nasihat.

Conto pupuh Asmarandaan
Mun ujang nyiar pangarti
Terus sakola ka kota
Sing jadi murid rancage
Bener pinter bari sehat
Mika heman sasama
Asih kanu jadi guru
Gaganti ema jeung bapa

Analisis pupuh diluhur
1) Jumlah padalisan dina sapasang : 7 padalisan
2) Guru wilangan jeung guru lagu
a. Padalisan ka 1 : 8i
b. Padalisan ka 2 : 8a
c. Padalisan ka 3 : 8 e/o
d. Padalisan ka 4 : 8a
e. Padalisan ka 5 : 7a
f. Padalisan ka 6 : 8a
g. Padalisan ka 7 : 8u

3) Watek dina ieu pupuh nya eta piwuruk tawa nasihat, ti hiji kolot kanu jadi anak. Piwuruk eta ka gambar dina padalisan “Sing jadi murid rancage, bener pinter bari sehat, mika heman ka sasama, asih kanu jadi guru.”
b. Dangdanggula
Numutkeun M. A. Salmun (1963 : 47) ngaran dangdanggula tina kecap dangdang, robah jadi dengang hartina kawih. Jadi dangdanggula hartina kawih manis. Pupuh Dangdanggula mindeng digunakeun dina wawacan/guguritan jeung kaasup kana sekar ageung. Watekna kabungah/kaagungan.

Conto pupuh Dangdanggula
Pasosore nyawang Bandung asri
Basa kuring ulin ka Isola
Tidieu ti belah kaler
Tembong di lingkung gunung
Kota kembang bangun nu sepi
Bet teu kapieng sora
Da geus puguh jauh
Langitna kacida lenglan
Estu taya mega bodas aling-aling
Poe ieu bnengras pisan

Analisis pupuh diluhur
1) Jumlah padalisan dina sapasa : 10 padalisan
2) Guru wilangan jeung guru lagu
a. Padalisan ka 1 : 10i
b. Padalisan ka 2 : 10a
c. Padalisan ka 3 : 8 e/o
d. Padalisan ka 4 :7u
e. Padalisan ka 5 : 9i
f. Padalisan ka 6 :7a
g. Padalisan ka 7 : 6u
h. Padalisan ka 8 : 8a
i. Padalisan ka 9 : 12i
j. Padalisan ka 10 :7a
3) Watek pupuh nu kagambar dina eta pu[puh nya eta kaendahan

c. Balakbak
Pupuh Balakbak di[ake pikeun ngagambarkeun pikakaseurieun / lulucon. Guru wilanganana (ngaruntuy) 15,15, 15, engang jeung guru laguna e, e, e. Pupuh Balakbak kaasup sekar alit.


Conto pupuh Balakbak
Aya warung sisi jalan rame pisan , Citameng
Awewena-Awewea luas-luis geulis pisan, ngagoreng
Lalakina-lalakina los ka pipir nyoo monyet, nyanggeren

Analisis pupuh di luhur
1) Jumlah padalisan dina sapada : 3 padalisan
2) Guru wilangan jeung guru lagu :
a. Padalisan ka 1 : 15e/12+3e
b. Padalisan ka 2 : 15e/ 12+3e
c. Padalisan ka 3 : 15e/12+3e
3) Watek Pupuh
Watek dina ieu pupuh nya eta ngagambarkeun warung di sisi jalan anu rame tur aya guguyon ti tukang warungna eta.

- pupujian –
Bisa dipastikeun yén ayana pupujian di masarakat Sunda téh sabada urang Sunda ngagem agama Islam. Hal ieu luyu jeung eusi pupujian nu salawasna ngeunaan kaagamaan.
Pupujian téh nya éta puisi buhun anu eusina nyoko kana ajaran agama Islam. Pupujian téh asalna tina sa’ir, nya éta puisi tina sastra Arab. Nu matak umumna pupujian wangunna téh méh taya bédana jeung sa’ir. Diwangun ku opat padalisan dina sapadana, sarta unggal padalisan diwangun ku dalapan engang. Tapi aya ogé anu diwangun ku dua padalisan dina sapadana; genep padalisan dina sapadana; jeung sajabana. Purwakanti nu aya dina pupujian, umumna purwakanti laraswekas.
Kartini spk. (1986:10) nyebutkeun yén pupujian téh gelarna di wewengkon pasantrén. Nyebarna pupujian ngaliwatan para santri, ti dinya ka masarakat, sarta ka sakola-sakola kaagamaan. Dina mangsa mimiti aya agama Islam, para kiayi satekah polah nepikeun pangajaran agama, salah sahijina dina wangun pupujian (Rusyana, 1971:12).
Cara macana, pupujian téh sok dikawihkeun atawa dinadomkeun. Umumna dibaracana téh di masjid saméméh solat, di madrasah, pasantrén, jeung dina acara-acara anu aya patalina jeung ka Islaman.
Fungsi Pupujian
Minangka seni, pupujian ngabogaan fungsi ekspresi pribadi jeung fungsi sosial. Dumasar hasil panalungtikan, fungsi social pupujian leuwih nonjol dibandingkeun jeung fungsi ekspresi pribadi (Rusyana, 1971:7). Pupujian digunakeun pikeun mangaruhan pikiran, parasaan, jeung kalakuan manusa, di sagigireun pikeun nepikeun ajaran agama. Pupujian mangrupa salah sahiji media atikan, nu eusina ngandung rupa-rupa naséhat jeung pangajaran agama, ku cara diapalkeun.
Papasingan Pupujian
Disawang tina eusi, pupujian téh bisa digolongkeun kana sababaraha golongan, diantarana:
a. Muji ka Gusti Alloh
Contona:
Ya Alloh nu sipat rohman
Ni’matna ngawalatraan
Sadayana kabagian
Ka nu kapir ka nu iman
b. Solawat ka Kangjeng Nabi
Contona:
Rohmat Alloh salam Alloh
Ka Toha utusan Alloh
Rohmat AAlloh salam Alloh
Ka Yasin kakasih Alloh
c. Do’a jeung Tobat ka Pangeran
Contona:
Mugi Gusti ngahampura
Kana dosa jisim abdi
Sareng dosa ibu rama
Dulur muslimat muslimin

d. Pepeling
Contona:
Anak Adam di dunya anjeung ngumbara
Hirup anjeun di dunya téh moal lila

e. Ajaran Agama
Contona:
Pardu wudu aya genep sadayana
Hiji niat kadua ngumbah rarayna
Tiu ngumbah leungeun dua jeung sikuna
Opat ngusap saalit tina sirahna
Lima ngumbah suku dua jeung muncangna
Genep tartib sing puguh runtuyanana
Sedengkeun M.A. Suparman (dina Rosman, 1988) ngabagi pupujian jadi opat, nya éta:
a. nu heubeul muji ka nu heubeul
b. nu heubeul muji ka nu anyar
c. nu anyar muji ka nu heubeul, jeung
d. nu anyar muji ka nu anyar


- tembang –
Dina Kamus Basa Sunda R. A. Danadibrata (2006), tembang nya éta lagu jelema dina pupuh; tingali biskal, aleu, pupuh, haleuang, hariring, kawih, beluk. Tembang téh lagu anu teu bébas atawa kauger ku aturan, boh laguna, boh rumpakana. Anu kitu disebutna lagu tembang. Cianjuran sok disebut seni tembang, sabab lagu jeung rumpakana aya aturanana anu maneuh (pageuh).

LAGU JEMPLANG SÉRANG
(Pupuh Sinom)

Tos lami ngantos gamparan,
Kembang téh taya nu metik,
Mun kembang bisa ngomong mah,
Meureun naroskeun ka abdi,
Naha dunungan sepi,
Kaluman taya nu ngambung,
Dunungan atuh layad,
Ulah kahongjongan teuing,
Kembang ligar leungiteun dununganana.
Gamparan kumaha damang,
Abdi mah pangésto diri,
Raga mah jagjag waringkas,
Ngan ati anu prihatin,
Margi jadi ririwit,
Ku gamparan dibibingung,
Cacak menggah gamparan,
Ka abdi teu ngusik-ngusik,
Moal enya abdi gé wanton unjukan.
II. Rapat
Rapat mangrupa hiji kagiatan pikeun ngarengsekeun pasualan nu dianggap penting pikeun dibadamikeun jeung dipatotoskeun ku jalma rea. Aya sawatara hal anu perlu diperhatikeun dina rapat, diantarana:
 Tatahar rapat
 Bubuka rapat, jeung
 Medar materi rapat
Tatahar rapat atawa persiap, diperlukeun saacan kagiatan rapat dilaksanakeun. Sedengkeun anu perlu ditataharkeun nya eta:
 Saha wae nu rek diondang dina rapat
 Naon nu rek dirapatkeun
 Iraha waktuna
 Dimana tempatna
Bubuka rapat, dimaksudkeun pikeun ngawilujengkeun ka nu hadir. Saperti ucapan-ucapan salam anu geus umum dipake, jeung panganteur. Lebah dieu pamingpin rapat nyebutkeun maksud jeung tujuannana.
Medar materi rapat, mangrupa kagiatan saenggeus muka rapat, nya eta ngawincik bahan nu rek dirapatkeun. Wincikan tina topic nu geus ditangtukeun.
Aya sababaraha hal nu perlu diperhatikeun upama rek mingpin rapat, sangkan lumangsung kalawan lancer. Diantarana:
1. Catet materi nu rek dirapatkeun
2. Siapkeun notulen, nya eta tukang nulis hal-hal anu penting dina rapat. Utamana hasil rapat
3. Usahakeun rapat dimimitian saluyu jeung waktu nu geus ditangtukeun
4. Sanggeus sarerea karumpul, langsung buka:
 Ngucapkeun salam
 Ngahaturkeun nuhun ka nu hadir
 Sebutkeun materi/pasualan nu rek dirapatkeun
 Sakira perlu sebutkeun tata-tertib salila rapat
5. Dina waktuna mere kasempetan ka hadirin nyarita, kudu diwatesan boh waktuna, boh jumlahna.
6. Upama aya pananya, jawabanana ulah ngayayay, tapi sing tandes jeung ringkes.
7. Upama geus meunang kacindekan, gancang tutup. Ulah poho ngahaturkeun nuhun ka nu hadir.
III. Bewara
Bewara biasa disebut oge pangumuman. Bewara mangrupa hiji beja atawa informasi anu dianggap perlu dipikanyaho ku jalma sejen. Tujuanana rupa-rupa, aya nu mangrupa uar pangajak, iklan, propaganda atawa promosi, jeung sajabana. Sangkan bewara bisa ditarima ku panitenna, tangtu aya sawatara hal anu kudu diperhatikeun. Diantarana: basa anu dipake, lentong, tatakrama basa, jeung anggah-ungguhna.
IV. Ngawawancara
Wawancara nya eta meunangkeun informasi ku cara nanyakeun langsung ka nara sumber (nu diwawancara) dumasar kana informasi diperlukeun. Wawancara ka asup kana kagiatan nyartita dua arah. Dina wawancara biasana ngagunakeun kalimah pananya. Kalimah pananya nya eta kalimah anu eusina nanyakeun hiji hal. Cirri kalimah pananya nya eta ditungtungan ku tanda Tanya (?) sarta ngagunakeun kecap pananya, nya eta: saha, naon, iraha, kumaha, sabaraha, dimana, jeung kamana.
Sababaraha hal anu dianggap penting disadiakeun samemehna, diantarana:
 Keur kaperluan naon?
 Naon wae nu ditanyakeun?
 Saha nu rek ditanya?
 Kamana kudu nepunganana?
 Iraha waktuna?, jeung sajabana.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar