Rabu, 29 September 2010

UUBS

UNDAK USUK BASA SUNDA

Numutkeun sawatara ahli, asupna undak usuk basa kana Sunda téh ti mimiti abad ka-17. Dina mangsa sabagian tatar Sunda kaéréh ku Mataram. Utamana di wewengkon Priangan saperti Ciamis, Tasikmalaya, Garut, Bandung, Sumedang, Sukabumi, jeung Cianjur.
Aya sababaraha wangenan undak usuk basa, di antarana Satjadibrata (1978:251) nu méré wangenan, yén anu dimaksud undak usuk basa Sunda (UUBS) téh nya éta panta-panta atawa tingkatan basa, anu dina seuseuhanana mangrupa gambaran tina tatakrama jeung kasopanan.
Yudibrata (1990: 25), nétélakeun undak usuk basa mangrupa sistem digunakeunana ragam hormat jueng ragam loma anu raket patalina jeung kalungguhan (status), kakawasaan (power), jeung dalit henteuna antara nu nyarita, batur nyarita jeung jalma nu dicaritakeun.
Sudaryat (1995: 25), nétélakeun undak usuk basa Sunda téh nya éta sopan santun makéna basa waktu ngayakeun komunikasi.
Undak usuk basa Sunda téh nya éta panta-pantana basa, dipaké diluyukeun jeung batur nu diajak nyarita katut nu dicaritakeunana (Budi Rahayu Tamsyah, 1997: 9).
Dina Kamus Istilah Élmuning Basa Sunda (2005) disebutkeun yén UUBS (ind: etika bahasa; Ing: language atiquette) nya éta aturan sopan santun dina maké basa anu disaluyukeun ku warga masarakatna, gunana pikeun silihormat jeung silihajénan; hiji sistem ngagunakeun ragam basa anu aya patalina jeung kakawasaan, kalungguhan, kaakraban, sarta peran panyatur, pamiarsa, jeung nu dicaritakeun.
Dumasar kana pamadegan-pamadegan di luhur bisa dicindekkeun yén undak usuk basa téh nya éta panta-panta atawa tingkatan basa anu diluyukeun jeung kalungguhan (status sosial), kakawasaan (power), kaakraban (solidarity) sarta patali antara peran panyatur jeung paregep katut nu dicaritakeunana.
Taufik Faturahman (1982) ngabagi tahapan UUBS jadi tilu bagian utama, nya éta: basa lemes, basa sedeng, jeung basa kasar. Satuluyna tina tilu bagian utama éta dipasing-pasing deui jadi sababaraha tahap nya éta nu sakumaha ditulis ieu di handap.
1) Basa lemes; basa lemes pisan, basa lemes biasa.
2) Basa sedeng; basa sedeng ngabasakeun sorangan, basa panengah.
3) Basa kasar; basa kasar ka sahandapeun, basa kasar pisan.
Tahapan undak usuk basa Sunda téh miboga dua tahap nya éta (1) ragam loma, jeung (2) ragam hormat (Yudibrata, 1992: 52).
Sudaryat (1991: 133) nyebutkeun yén wangun tatakrama basa nya éta sistem dipakéna ragam basa anu raket patalina jeung kalungguhan, kakawasaan, katut dalit henteuna antara panyatur, paregep, jeung nu dicaritakeun. Ku kituna tatakrama basa téh ngawengku tilu wanda nya éta:
a) Basa lemes (hormat) dipaké nyarita ka saluhureun atawa ka nu can wawuh. Éksprési ragam lemes (hormat) téh bisa katitén dina wangun (1) lisan, (2) pasemon, (3) rengkuh jeung peta, jeung (4) lentong.
Nilik ka nu makéna, basa lemes bisa dibagi dua rupa:
(1) basa lemes keur ka sorangan, nya éta ragam basa anu digunakeun husus keur diri sorangan atawa sasama waktu nyarita ka saluhureun atawa can wawuh.
(2) Basa lemes keur ka batur, nya éta ragam basa anu digunakeun husus keur ka diri batur saluhureun atawa can wawuh.
b) Basa wajar (loma) nya éta ragam basa anu umumna dipaké dina situasi biasa atawa digunakeun ka babaturan nu geus loma. Saperti koran, majalah, biantara umum, sawala, éta biasana sok make basa loma campur basa lemes.
c) Basa kasar (cohag) nya éta ragam basa anu dipaké dina situasi keur ambek, atawa dilarapkeun ka sato.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar