Rabu, 29 September 2010

UUBS

UNDAK USUK BASA SUNDA

Numutkeun sawatara ahli, asupna undak usuk basa kana Sunda téh ti mimiti abad ka-17. Dina mangsa sabagian tatar Sunda kaéréh ku Mataram. Utamana di wewengkon Priangan saperti Ciamis, Tasikmalaya, Garut, Bandung, Sumedang, Sukabumi, jeung Cianjur.
Aya sababaraha wangenan undak usuk basa, di antarana Satjadibrata (1978:251) nu méré wangenan, yén anu dimaksud undak usuk basa Sunda (UUBS) téh nya éta panta-panta atawa tingkatan basa, anu dina seuseuhanana mangrupa gambaran tina tatakrama jeung kasopanan.
Yudibrata (1990: 25), nétélakeun undak usuk basa mangrupa sistem digunakeunana ragam hormat jueng ragam loma anu raket patalina jeung kalungguhan (status), kakawasaan (power), jeung dalit henteuna antara nu nyarita, batur nyarita jeung jalma nu dicaritakeun.
Sudaryat (1995: 25), nétélakeun undak usuk basa Sunda téh nya éta sopan santun makéna basa waktu ngayakeun komunikasi.
Undak usuk basa Sunda téh nya éta panta-pantana basa, dipaké diluyukeun jeung batur nu diajak nyarita katut nu dicaritakeunana (Budi Rahayu Tamsyah, 1997: 9).
Dina Kamus Istilah Élmuning Basa Sunda (2005) disebutkeun yén UUBS (ind: etika bahasa; Ing: language atiquette) nya éta aturan sopan santun dina maké basa anu disaluyukeun ku warga masarakatna, gunana pikeun silihormat jeung silihajénan; hiji sistem ngagunakeun ragam basa anu aya patalina jeung kakawasaan, kalungguhan, kaakraban, sarta peran panyatur, pamiarsa, jeung nu dicaritakeun.
Dumasar kana pamadegan-pamadegan di luhur bisa dicindekkeun yén undak usuk basa téh nya éta panta-panta atawa tingkatan basa anu diluyukeun jeung kalungguhan (status sosial), kakawasaan (power), kaakraban (solidarity) sarta patali antara peran panyatur jeung paregep katut nu dicaritakeunana.
Taufik Faturahman (1982) ngabagi tahapan UUBS jadi tilu bagian utama, nya éta: basa lemes, basa sedeng, jeung basa kasar. Satuluyna tina tilu bagian utama éta dipasing-pasing deui jadi sababaraha tahap nya éta nu sakumaha ditulis ieu di handap.
1) Basa lemes; basa lemes pisan, basa lemes biasa.
2) Basa sedeng; basa sedeng ngabasakeun sorangan, basa panengah.
3) Basa kasar; basa kasar ka sahandapeun, basa kasar pisan.
Tahapan undak usuk basa Sunda téh miboga dua tahap nya éta (1) ragam loma, jeung (2) ragam hormat (Yudibrata, 1992: 52).
Sudaryat (1991: 133) nyebutkeun yén wangun tatakrama basa nya éta sistem dipakéna ragam basa anu raket patalina jeung kalungguhan, kakawasaan, katut dalit henteuna antara panyatur, paregep, jeung nu dicaritakeun. Ku kituna tatakrama basa téh ngawengku tilu wanda nya éta:
a) Basa lemes (hormat) dipaké nyarita ka saluhureun atawa ka nu can wawuh. Éksprési ragam lemes (hormat) téh bisa katitén dina wangun (1) lisan, (2) pasemon, (3) rengkuh jeung peta, jeung (4) lentong.
Nilik ka nu makéna, basa lemes bisa dibagi dua rupa:
(1) basa lemes keur ka sorangan, nya éta ragam basa anu digunakeun husus keur diri sorangan atawa sasama waktu nyarita ka saluhureun atawa can wawuh.
(2) Basa lemes keur ka batur, nya éta ragam basa anu digunakeun husus keur ka diri batur saluhureun atawa can wawuh.
b) Basa wajar (loma) nya éta ragam basa anu umumna dipaké dina situasi biasa atawa digunakeun ka babaturan nu geus loma. Saperti koran, majalah, biantara umum, sawala, éta biasana sok make basa loma campur basa lemes.
c) Basa kasar (cohag) nya éta ragam basa anu dipaké dina situasi keur ambek, atawa dilarapkeun ka sato.
SISINDIRAN

Sisindiran téh asalna tina kecap sindir. Istilah sindir digunakeun ku M.A.Salmun (1963:19,23) pikeun salahsahiji golongan basa janget (plastisita basa) hartina malibirkeun maksud, henteu togmol atawa poksang ceplak Pahang. Sindir, kecap atawa omongan anu hartina henteu sacéréwélna. Sisindiran nya eta kasenian ngareka basa anu diwangun ku cangkang jeung eusi pikeun ngedalkeun maksud anu henteu saceplakna bari dipamrih karesmianana (Salmun, 1958:51).
Sisindiran kaasup wangun sastra lisan Sunda nu kaitung lana. Dina naskah Sanghyang Siksa Kandang Karesian, nu rengse ditulis dina taun 1518, tina eta naskah kapanggih yen dina mangsa harita oge sisindiran teh geus hirup, kaasupna kana kelompok kawih, kelompok seni sora lain kelompok sastra. Ku kituna, dina Wibisana dkk (2000:431-493), sisindiran kaasup kelompok sastra lagu.
Sisindiran kaasup kana wangun sastra lisan, ku kituna gancang pisan robahna ti waktu ka waktu teh, luyu jeung kahirupan masarakat Sunda nu makena. Salian ti gelar wangun lisan, aya oge sisindiran nu ngahaja ditulis ku urang Sunda, diantarana sisindiran karangan haji Hasan Mustapa.

Wangun Sisindiran
Rarakitan
Rarakitan asal kecapna tina rakit. Ari rakit ngabogaan harti sabage alat patalimarga di cai, biasana dijieun tina awi atawa kai. Puhuna ngahaja sina papak, ngarah alus katempona. Ari tungtungna mah sok recol teu puguh. Nu dimaksud rarakitan dina karya sastra oge hartina meh ngaharib-harib kana harti rakit anu ilahar kapanggih di cai, nya eta mangrupa karangan ugeran anu padalisanana papak di puhuna.
Dina Kamus Istilah Sastra, nurutkeun M.A. salmun (1963:61-62), disebut rarakitan teh pedah awal dina padalisan-padalisan cangkang dipake deui atawa dibaliken deui dina padalisan eusi, nepi ka siga masang ngarakit. R. Satjadibrata (1954) netelakeun dumasar kana dipakena, rarakitan teh nya eta sisindiran anu biasa dikawihkeun ku bodor reog.
Rarakitan, nya eta salah sahiji bangun sisindiran anu mentingkeun papak atawa saruana kecap anu aya dina puhu jajaran cangkang jeung eusi. Salianti eta, antara cangkang jeung eusi teu pada papak di puhuna (mindoan kawit). Salianti eta, antara cangkang jeung eusi teh kudu sasora sarta murwakanti engang panungtungan dina unggal padalisan (laraswekas). Jumlah engangna dina unggal padalisan aya 8 (dalapan) engang. Jumlah padalisan dina sapadana mangrupa bilangan jangkep; satengahna cangkang jeung satengahna eusi. Kiwari anu populer teh rarakitan anu sapadana diwangun ku opat padalisan; dua cangkang jeung dua deui eusi.
Disawang tina eusina, rarakitan teh bisa dipasing-pasing deui jadi tilu golongan, nya eta:
1. Rarakitan anu sifatna silih asih.
Contona;
Sapanjang jalan Soreang
Moal weleh diaspalan
Sapanjang tacan kasorang
Moal welwh diakalan

2. Rarakitan anu sifatna piwuruk.
Contona;
Sing getol nginum jajamu
Nu guna nguatkeun urat
Sing getol neangan elmu
Nu guna dunya aherat

3. Rarakitan anu sifatna sesebred (guguyon).
Contona;
Majar maneh cengkeh koneng
Kulit peuteuy dina nyiru
Majar maneh lengkeh koneng
Kulit beuteung mani nambru

Paparikan
Paparikan asal kecapna tina parek, hartina deukeut. Nu dimaksud deukeut di dinya nya eta deukeut sora vokalna, utamana sora vocal dina engang panungtung. Sarua jeung rarakitan, disawang tina eusina paparikan oge bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan, nya eta:
1. Paparikan anu sifatna silih asih.
Contona;
Pucuk tiwu akar bangban
Amis mata di susukan
Mun rek milu geuwat dangdan
Cimata geura susutan
2. Paparikan anu sifatna silih piwuruk.
Contona;
Ka kulah nyair kapiting
Ngocok lobak bobodasna
Ulah sok liar tipeuting
Osok loba gogodana

3. Paparikan anu sifatna sesebred (guguyon).
Contona;
Poe Saptu poe Kemis
Salasa beuleut-beuleutan
Saha itu muril kumis
Leumpangna eundeuk-eundeukan

Wawangsalan
Wawangsalan nyaeta karangan anu diwangun ku sindir jeung eusi. Dina sindir diwangun deui ku cangkang jeung wangsal. Anu dijieun wangsalna teh tara ditetelakeun. Kudu diteangan tina bagian eusi. Wangsal teh sok murwakanti jeung salahsahiji kecap anu aya dina bagian eusi tea. Umumna eusi wawangsalan teh mangrupa silihasih, cinta batawa birahi.
Nilik kana wangunna, wawangsalan teh diwangun ku dua padalisan: sapadalisan sindir sapadalisan deui eusi. Jumlah engang dina unggal padalisan nyaeta 8 engang.
Conto wawangsalan:
Belut sisit saba darat,
kapiraray siang wengi. (oray)
Wangun sisindiran
Salah sahiji carita nu dibalibirkeun téh nya éta ngaliwatan sindir, aya nu nyebutkeun sindir sampir aya ogé nu nyebutkeun Sisindiran. Ari maksudna mah sarua, sabada jalma nu diajak nyarita disindiran, dipiharep manéhna surti kana naon nu diucapkeun ku nu mere sindiran éta.
Sindir sampir wangunna mangrupa ungkara kalimah. Upamana baé mun aya jalma nu datangna kabeurangan tapi disindiran “Meuni isuk teuing dating téh”.
Beda jeug sindir sampir, wangun sisindiran mah ngahaja diatur sina merenah guru wilanganna jeung guru laguna. Umumna sisindiran diwangun ku opat padalisan. Padalisan kahiji jeung padalisan ka dua mangrupa cangkangna, sarta padalisan katilu jeung padalisan kaopat


DAFTAR PABUKON
Ruhaliah. 2002. Diktat Kuliah Sajarah Sastra Sunda. Ruhaliah: Bandung.
Salmun, M.A. 1958. Kandaga Kasusastraan. Ganaco: Djakarta.
Tamsyah, Budi Rahayu. 1994. Pangajaran sastra Sunda Pikeun SD, SLTP, SMU, jeung Umum. Pustaka Setia: Bandung.
Hadi, Ahmad. 1991. Peperenian (kandaga Unak-anik Rusiah Basa Sunda). Geger Sunten: Bandung.
Iskandarwassid. 1996. Kamuus Istilah Sastra. Geger Sunten: Bandung.
Faturohman, Taufik. 1983. Djatnika: Bandung.
Rusyana, Yus. 1982. Panyungsi Sastra. Gunung larang: Bandung.
I. Ngaregepkeun siaran Radio/TV
Ngaregepkeun siaran berita atawa tv mangrupa kagiatan pikeun ngaregepkeun hiji wangkongan berita atawa naon wae, pikeun dipaham ku pangregep.
Dina ngaregepkeun siaran radio/tv, aya sawatara hal anu kudu dilakukeun. Diantarana nya éta: ngaregepkeun, dicatet, ditalungtik, méré koméntar, dilaporkeun.
Hal-hal anu perlu aya dina laporan hasil ngaregepkeun radio/tv, diantarana:
 Titi mangsa
 Acara jeung Sumber (radio/tv)
 Panumbu catur
 Tema
 Eusi
 Koméntar (ngeunaan basana, eusi, jsb)

II. Dongeng
Dongeng nyaeta carita rekaan anu mere kesan pamohalan tur ukuranana parondok. Kesan pamohalan dina dongeng upamana wae aya sasatoan bisa nyarita kawas jelema (saperti dongeng “Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet), aya parahu jadi gunung (“Sasakala Tangkuban Parahu”), jelema jadi maung (“Sasakala Maung Panjalu”), jeung sajabana.
Eusi dongeng umumna ngandung atikan moral. Upamana bae jalma bener tangtu meunang pahala, jalma salah tangtu bakal meunang siksaan atawa cilaka; supaya maksudna tinekanan kudu ngagunakeun akal; atawa kudu hirup sauyunan ambeh repeh-rapih.
Dongeng teh karya balarea, hartina tara kanyahoan saha anu ngarangna. Sumebarna sacara lisan, dongeng didongengkeun deui. Munasabah upama aya hiji dongeng mibanda rupa-rupa versi.
Papasingan Dongeng
Dumasar kana eusina, dongeng teh bisa dipasing-pasing jadi sababaraha golongan, nyaeta (1) dongeng sasatoan; (2) dongeng sasakala; (3) dongeng babad; (4) dongeng jelema biasa; (5) dongeng paranabi/wali; (6) dongeng pieunteungan; (7) dongeng pamuk.
Fabel
Dongeng sasatoan (fabel) nyaeta dongeng anu palakuna sasatoan sarta paripolahna dicaritakeun kawas jelema, upamana bae bisa nyarita jeung ngagunakeun akal pikiran. Contona: dongeng sakadang kuya jeung sakadang monyet.
Parabel
Dongeng kahirupan jalma biasa (parable) nyaeta dongeng anu eusina nyaritakeun jalma biasa. Contona dongeng-dongeng Si Kabayan.
Babad/Sage
Dongeng babad (sage) nyaeta dongeng anu eusina nyaritakeun kajadian atawa jelema anu ngandung unsure sajarah. Contona: babad Cirebon, dongeng Syeh Abdul Muhyi.
Sasakala/legenda
Dongeng sasakala (legenda) nyaeta dongeng anu eusina nyaritakeun asal-muasalna kajadian hiji tempat, barang, sasatoan atawa tutuwuhan. Contona: sasakala maung panjalu.
Mite
Carita paranabi/wali kaasup kana mite nyaeta carita anu eusina patali jeung kapercayaan masarakat kana bangsa lelembutan atawa hal-hal anu gaib. Contona: dongeng nyi roro ki dul.
Pamuk
Dongeng pamuk nyaeta dongeng anu nyaritakeun kagagahan atawa kasakten hiji jalma, tur biasana aya patalina jeung tokoh atawa kajadian sajarah. Contona: pangeran kornel.
Dongeng Pieunteungeun
Dongeng pieunteungeun didieu nyaeta dongeng anu eusina mangrupa tuladan pikeun manusa. Bisa dongeng sasatoan, dongeng jalma biasa, jeung sajabana.

III. Carita Babad
Babad/Sage
Dongeng babad (sage) nyaeta dongeng anu eusina nyaritakeun kajadian atawa jelema anu ngandung unsure sajarah. Contona: babad Cirebon, dongeng Syeh Abdul Muhyi.
I. Kawih
Nalika ngareungeu pangajaran ngeunaan kawih, tangtu ahirna kudu apal jeung bisa ngabedakeun antara kawih jeung kasenian sunda sejenna. Saperti kakawihan, tembang, pupuh, jeung pupujian. Dijentrekeun ieu di handap.
- Kawih -
Dina Kamus Umum Basa Sunda (KUBS, 1995) wangenan kawih nya éta rakitan basa sabangsa dangding nu teu make patokan pupuh. Kawih téh lalaguan Sunda bébas, anu henteu kauger atawa kaiket ku aturan, boh laguna, boh rumpakana. Lalaguan pop Sunda karangan Nano S., Doel Sumbang, atawa nu sok dihaleuangkeun ku seniman calung Héndarso, éta téh lagu kawih.
Kawih jeung kakawihan ngabogaan sasaruaan nya éta sarua rakitan sabangsa dangding anu henteu ngagunakeun patokan pupuh, sedengkeun bédana nya éta tina fungsina, mun kawih mah saukur didangdingkeun atawa dilagukeun sedengkeun kakawihan mah ngabogaan fungsi tambahan nya éta dipaké dina kaulinan barudak.
Di handap ieu, mangrupa salah sahiji conto kawih


Hanya Ingin Kau Tahu (Sunda)
Ku: Cindy Nursiva

Duh karasana nu endah kapeurih ati
Hancurna ieu harepan nu pegat tina cintana
Teu nyanding abadi najan anjeun nu geus ngarti
Najan anjeun nu geus surti
Pamikir anjeun abdi teu ngarti

Reff: Ooh, naha anjeun teu ku harianeun
Beuratna kacinta sawangan implengan jeung salira
Keur milampah sesa mangsa nu ayeuna
Dina waktu ieu dina ahirna pas panungtungan
oo.. oo.. oo..
sok sanajan kitu ngan ukur tina impian
ngan ukur tina implengan ngan ukur hiji catetan
teu nyanding abadi najan anjeun nu geus ngarti
najan anjeun nu geus surti pamikir anjeun abdi teu ngarti
** reff

- Pupuh –
Pupuh nya eta rakitan puisi (wangun ugeran) tradisional, anu ka uger ku rupa-rupa patokan boh wangunan boh eusina. Pupuh nya eta puisi anu kauger ku guru lagu, guru wilangan jeung jumlah padalisan dina sapada.
Anu dimaksud guru lagu nya eta sora (vokal) dina engang panungtung unggal padalisan. Sedengkeun guru wilangan nya eta jumlah (reana) engang dina unggal padalisan.
Dina sastra Sunda pupuh teh aya tujuh belas nya eta : Kinanti, Asmarandana, Sinom, Dandanggula, Balakbak, Maskumambang, Ladrang, Pucung, Lambang, Mijil, Durma, Pangkur, Gambuh, Gurisa, Wirangrong, Magatru, jeung Jurudemung. Nu tujuhbelas ka bagi kana dua kelompok nya eta:
1. Sekar ageung (KSAD) nya eta Kiananti, Sinom, Asmarandana, Dangdangula, di sebut sekar ageung lantaran pang seringna di pake dina guguritan.
2. Sekar alit nya eta sesa tina sekar ageung, disebut sekar alit lantaran pupuh ieu langka dipake dina guguritan atawa puisi heubeul liana.
a. Asmarandana
Numutkeun M. A. Salmun (1963) :47) kecap asmarandana teh asalna tina basa Sansekerta “Smara” jeung “dahana” ; smara ( asmara) hartina birahi atawa duriat, dahan hartina seuneu. jadi hartina nya eta seunue birahi. Watek pupuh Asmarandana umumna digunakeun pikeun ngagambarkeun birahi, silih asih atawa nasihat.

Conto pupuh Asmarandaan
Mun ujang nyiar pangarti
Terus sakola ka kota
Sing jadi murid rancage
Bener pinter bari sehat
Mika heman sasama
Asih kanu jadi guru
Gaganti ema jeung bapa

Analisis pupuh diluhur
1) Jumlah padalisan dina sapasang : 7 padalisan
2) Guru wilangan jeung guru lagu
a. Padalisan ka 1 : 8i
b. Padalisan ka 2 : 8a
c. Padalisan ka 3 : 8 e/o
d. Padalisan ka 4 : 8a
e. Padalisan ka 5 : 7a
f. Padalisan ka 6 : 8a
g. Padalisan ka 7 : 8u

3) Watek dina ieu pupuh nya eta piwuruk tawa nasihat, ti hiji kolot kanu jadi anak. Piwuruk eta ka gambar dina padalisan “Sing jadi murid rancage, bener pinter bari sehat, mika heman ka sasama, asih kanu jadi guru.”
b. Dangdanggula
Numutkeun M. A. Salmun (1963 : 47) ngaran dangdanggula tina kecap dangdang, robah jadi dengang hartina kawih. Jadi dangdanggula hartina kawih manis. Pupuh Dangdanggula mindeng digunakeun dina wawacan/guguritan jeung kaasup kana sekar ageung. Watekna kabungah/kaagungan.

Conto pupuh Dangdanggula
Pasosore nyawang Bandung asri
Basa kuring ulin ka Isola
Tidieu ti belah kaler
Tembong di lingkung gunung
Kota kembang bangun nu sepi
Bet teu kapieng sora
Da geus puguh jauh
Langitna kacida lenglan
Estu taya mega bodas aling-aling
Poe ieu bnengras pisan

Analisis pupuh diluhur
1) Jumlah padalisan dina sapasa : 10 padalisan
2) Guru wilangan jeung guru lagu
a. Padalisan ka 1 : 10i
b. Padalisan ka 2 : 10a
c. Padalisan ka 3 : 8 e/o
d. Padalisan ka 4 :7u
e. Padalisan ka 5 : 9i
f. Padalisan ka 6 :7a
g. Padalisan ka 7 : 6u
h. Padalisan ka 8 : 8a
i. Padalisan ka 9 : 12i
j. Padalisan ka 10 :7a
3) Watek pupuh nu kagambar dina eta pu[puh nya eta kaendahan

c. Balakbak
Pupuh Balakbak di[ake pikeun ngagambarkeun pikakaseurieun / lulucon. Guru wilanganana (ngaruntuy) 15,15, 15, engang jeung guru laguna e, e, e. Pupuh Balakbak kaasup sekar alit.


Conto pupuh Balakbak
Aya warung sisi jalan rame pisan , Citameng
Awewena-Awewea luas-luis geulis pisan, ngagoreng
Lalakina-lalakina los ka pipir nyoo monyet, nyanggeren

Analisis pupuh di luhur
1) Jumlah padalisan dina sapada : 3 padalisan
2) Guru wilangan jeung guru lagu :
a. Padalisan ka 1 : 15e/12+3e
b. Padalisan ka 2 : 15e/ 12+3e
c. Padalisan ka 3 : 15e/12+3e
3) Watek Pupuh
Watek dina ieu pupuh nya eta ngagambarkeun warung di sisi jalan anu rame tur aya guguyon ti tukang warungna eta.

- pupujian –
Bisa dipastikeun yén ayana pupujian di masarakat Sunda téh sabada urang Sunda ngagem agama Islam. Hal ieu luyu jeung eusi pupujian nu salawasna ngeunaan kaagamaan.
Pupujian téh nya éta puisi buhun anu eusina nyoko kana ajaran agama Islam. Pupujian téh asalna tina sa’ir, nya éta puisi tina sastra Arab. Nu matak umumna pupujian wangunna téh méh taya bédana jeung sa’ir. Diwangun ku opat padalisan dina sapadana, sarta unggal padalisan diwangun ku dalapan engang. Tapi aya ogé anu diwangun ku dua padalisan dina sapadana; genep padalisan dina sapadana; jeung sajabana. Purwakanti nu aya dina pupujian, umumna purwakanti laraswekas.
Kartini spk. (1986:10) nyebutkeun yén pupujian téh gelarna di wewengkon pasantrén. Nyebarna pupujian ngaliwatan para santri, ti dinya ka masarakat, sarta ka sakola-sakola kaagamaan. Dina mangsa mimiti aya agama Islam, para kiayi satekah polah nepikeun pangajaran agama, salah sahijina dina wangun pupujian (Rusyana, 1971:12).
Cara macana, pupujian téh sok dikawihkeun atawa dinadomkeun. Umumna dibaracana téh di masjid saméméh solat, di madrasah, pasantrén, jeung dina acara-acara anu aya patalina jeung ka Islaman.
Fungsi Pupujian
Minangka seni, pupujian ngabogaan fungsi ekspresi pribadi jeung fungsi sosial. Dumasar hasil panalungtikan, fungsi social pupujian leuwih nonjol dibandingkeun jeung fungsi ekspresi pribadi (Rusyana, 1971:7). Pupujian digunakeun pikeun mangaruhan pikiran, parasaan, jeung kalakuan manusa, di sagigireun pikeun nepikeun ajaran agama. Pupujian mangrupa salah sahiji media atikan, nu eusina ngandung rupa-rupa naséhat jeung pangajaran agama, ku cara diapalkeun.
Papasingan Pupujian
Disawang tina eusi, pupujian téh bisa digolongkeun kana sababaraha golongan, diantarana:
a. Muji ka Gusti Alloh
Contona:
Ya Alloh nu sipat rohman
Ni’matna ngawalatraan
Sadayana kabagian
Ka nu kapir ka nu iman
b. Solawat ka Kangjeng Nabi
Contona:
Rohmat Alloh salam Alloh
Ka Toha utusan Alloh
Rohmat AAlloh salam Alloh
Ka Yasin kakasih Alloh
c. Do’a jeung Tobat ka Pangeran
Contona:
Mugi Gusti ngahampura
Kana dosa jisim abdi
Sareng dosa ibu rama
Dulur muslimat muslimin

d. Pepeling
Contona:
Anak Adam di dunya anjeung ngumbara
Hirup anjeun di dunya téh moal lila

e. Ajaran Agama
Contona:
Pardu wudu aya genep sadayana
Hiji niat kadua ngumbah rarayna
Tiu ngumbah leungeun dua jeung sikuna
Opat ngusap saalit tina sirahna
Lima ngumbah suku dua jeung muncangna
Genep tartib sing puguh runtuyanana
Sedengkeun M.A. Suparman (dina Rosman, 1988) ngabagi pupujian jadi opat, nya éta:
a. nu heubeul muji ka nu heubeul
b. nu heubeul muji ka nu anyar
c. nu anyar muji ka nu heubeul, jeung
d. nu anyar muji ka nu anyar


- tembang –
Dina Kamus Basa Sunda R. A. Danadibrata (2006), tembang nya éta lagu jelema dina pupuh; tingali biskal, aleu, pupuh, haleuang, hariring, kawih, beluk. Tembang téh lagu anu teu bébas atawa kauger ku aturan, boh laguna, boh rumpakana. Anu kitu disebutna lagu tembang. Cianjuran sok disebut seni tembang, sabab lagu jeung rumpakana aya aturanana anu maneuh (pageuh).

LAGU JEMPLANG SÉRANG
(Pupuh Sinom)

Tos lami ngantos gamparan,
Kembang téh taya nu metik,
Mun kembang bisa ngomong mah,
Meureun naroskeun ka abdi,
Naha dunungan sepi,
Kaluman taya nu ngambung,
Dunungan atuh layad,
Ulah kahongjongan teuing,
Kembang ligar leungiteun dununganana.
Gamparan kumaha damang,
Abdi mah pangésto diri,
Raga mah jagjag waringkas,
Ngan ati anu prihatin,
Margi jadi ririwit,
Ku gamparan dibibingung,
Cacak menggah gamparan,
Ka abdi teu ngusik-ngusik,
Moal enya abdi gé wanton unjukan.
II. Rapat
Rapat mangrupa hiji kagiatan pikeun ngarengsekeun pasualan nu dianggap penting pikeun dibadamikeun jeung dipatotoskeun ku jalma rea. Aya sawatara hal anu perlu diperhatikeun dina rapat, diantarana:
 Tatahar rapat
 Bubuka rapat, jeung
 Medar materi rapat
Tatahar rapat atawa persiap, diperlukeun saacan kagiatan rapat dilaksanakeun. Sedengkeun anu perlu ditataharkeun nya eta:
 Saha wae nu rek diondang dina rapat
 Naon nu rek dirapatkeun
 Iraha waktuna
 Dimana tempatna
Bubuka rapat, dimaksudkeun pikeun ngawilujengkeun ka nu hadir. Saperti ucapan-ucapan salam anu geus umum dipake, jeung panganteur. Lebah dieu pamingpin rapat nyebutkeun maksud jeung tujuannana.
Medar materi rapat, mangrupa kagiatan saenggeus muka rapat, nya eta ngawincik bahan nu rek dirapatkeun. Wincikan tina topic nu geus ditangtukeun.
Aya sababaraha hal nu perlu diperhatikeun upama rek mingpin rapat, sangkan lumangsung kalawan lancer. Diantarana:
1. Catet materi nu rek dirapatkeun
2. Siapkeun notulen, nya eta tukang nulis hal-hal anu penting dina rapat. Utamana hasil rapat
3. Usahakeun rapat dimimitian saluyu jeung waktu nu geus ditangtukeun
4. Sanggeus sarerea karumpul, langsung buka:
 Ngucapkeun salam
 Ngahaturkeun nuhun ka nu hadir
 Sebutkeun materi/pasualan nu rek dirapatkeun
 Sakira perlu sebutkeun tata-tertib salila rapat
5. Dina waktuna mere kasempetan ka hadirin nyarita, kudu diwatesan boh waktuna, boh jumlahna.
6. Upama aya pananya, jawabanana ulah ngayayay, tapi sing tandes jeung ringkes.
7. Upama geus meunang kacindekan, gancang tutup. Ulah poho ngahaturkeun nuhun ka nu hadir.
III. Bewara
Bewara biasa disebut oge pangumuman. Bewara mangrupa hiji beja atawa informasi anu dianggap perlu dipikanyaho ku jalma sejen. Tujuanana rupa-rupa, aya nu mangrupa uar pangajak, iklan, propaganda atawa promosi, jeung sajabana. Sangkan bewara bisa ditarima ku panitenna, tangtu aya sawatara hal anu kudu diperhatikeun. Diantarana: basa anu dipake, lentong, tatakrama basa, jeung anggah-ungguhna.
IV. Ngawawancara
Wawancara nya eta meunangkeun informasi ku cara nanyakeun langsung ka nara sumber (nu diwawancara) dumasar kana informasi diperlukeun. Wawancara ka asup kana kagiatan nyartita dua arah. Dina wawancara biasana ngagunakeun kalimah pananya. Kalimah pananya nya eta kalimah anu eusina nanyakeun hiji hal. Cirri kalimah pananya nya eta ditungtungan ku tanda Tanya (?) sarta ngagunakeun kecap pananya, nya eta: saha, naon, iraha, kumaha, sabaraha, dimana, jeung kamana.
Sababaraha hal anu dianggap penting disadiakeun samemehna, diantarana:
 Keur kaperluan naon?
 Naon wae nu ditanyakeun?
 Saha nu rek ditanya?
 Kamana kudu nepunganana?
 Iraha waktuna?, jeung sajabana.